SITUS MOHAMMAD ARSIN

SELAMAT DATANG DI SITUS RESMI " WWW.MOHAMMAD ARSIN.BLOGSPOT.COM" SEMOGA BERMANFA'AT

Rabu, 06 Maret 2013

KHUTBAH IDUL FITRI BASA SUNDA



KHUTBAH AWAL IDUL FITRI 1 SYAWAL 1433 H
HAKEKAT IDUL FITRI “
Oleh : MOHAMMAD ARSIN


الله اكبرلله اكبر الله اكبرلله اكبر الله اكبرلله اكبر الله اكبرالله اكبر الله اكبر

لاَاله الاالله والله اكبر الله اكبر ولله الحمد الله اكبر كبيرا والحمد لله كثيرا وسبحان الله بكرة واصيلا لاَاله الاالله وحده صدق وعده ونصر عبده واعز جنده وهزم الاحزاب وحده

الحمد لله الذي انعم علينا بنعمة الايمان والاسلام وجعل فى شريعته عيدا بعد الصيام وامر علينا فى ليلته ويومه ان نكثر التكبير والتسبيح والتهليل والتحميد وصلة الارحام اشهد ان لااله الا الله وحده لاشريك له شهادة تنجي قائلها من الشرك والظلام واشهد ان محمدا عبده ورسوله صاحب الشفاعة والمقام والداعى الى خلق عظيم وسبيل السلام اللهم صل وسلم على سيدنا محمد رسولك ونور كونك الكريم وعلى اله وصحبه صلاة وسلاما دائمين متلازمين الى يوم معلوم اما بعد

فيا ايهاالناس اوصيكم واياي بتقوى الله لعلكم ترحمون اعوذ بالله من الشيطان الرجيم قد افلح من تزكى وذكراسم ربه فصلى  

Allah Maha Agung,ka agungan Allah teu aya babandingannana,teu aya nu hak mibanda kana ka agungan anu hakiki lintang ti Allah SWT.Bulan Ramadan anu pinuh barokah,hikmah jeng uswatun hasanah parantos ninggalkeun urang sadayana.Mungkurna sasih romadon mangrupikeun musibah kanggo ummat nabi Muhammad anu ngamanfa’atkeun ku mangrupi-rupi ibadah.

Hadirin sidang idul fitri anu mulya...

Langit,bumi sareng malaikat ngajerit ngarasa sedih lamun sumping wengi terakhir sasih romadon,sabab mangrupikeun musibah kanggo ummat nabi Muhammad SAW, naon sababna? sabab dina sasih romadon do’a-do’a di ijabah,shodaqoh di terima,kahadean pahalana dilipat gandakeun.Katambih dina sasih romadon aya hiji wengi anu pinuh ku kamuliaan,nyaeta wengi lailatul qodar,dina eta wengi malaikat turun ka bumi ngadugikeun salam kasalametan tur kasejahteraan ti Allah kanggo jalmi anu ibadah dina wengi lailatul qodar,sinareng deui sing saha jalmi anu ibadah dina eta wengi maka sami sareng ibadah sarebu bulan atanapi kirang langkung 83 tahun 4 bulan.

الله اكبرالله اكبر الله اكبر
Gumuruhna takbir,tahmid,tahlil sareng tasbih,mantak mulangkeun panineung ker jalma anu terang kana ka utamaan romadon,ku bungahna anu di barengan ku rasa syukur kudongkapna kaping hiji sasih syawal,mangga urang aji sareng uji kaping hiji syawal. Dongkapna kaping hiji sasih syawal teh ku sampurna na sasih romadon,saba’da urang sadaya shaum sbulan campleng dina sasih romadon anu samata-mata karena Allah SWT.
Urang sadayana kedah syukuran ka Allah SWT kumargi parantos dikuatkeun kanggo ngalaksanakeun puasa sabulan campleng,zakat fitrah,bisa silaturahmi sareng dulur-dulur,keluarga sarta baraya anu caket atanapi anu anggang,sarta tiasa menta hampura anatapi masihann hampura papada urang.Dina Poe lebaran ieu mudah-mudahan Allah maparin pituduh ka urang sadayana kanggo nampi cahaya iman anu agung.Amiin
Dicarioskeun dina hiji waktos sayyidina Umar ningali putra na ngaggo anggoan butut dina waktos lebaran,ningal kaayaan sepertos kitu sayyidina umar ceurik ngarasa sedih ningal putra na,bari nyarios : “anaking hampura bapak, diwaktos ieu teu tiasa pang meserken anjeun anggoan anu enggal, bapak bisi anjeun ngarasa sedih tur isin nganggo anggoan anu butut ”. Putrana bari gumujeng ngawaler :” Bapak, saestuna jalmi anu ngarasa sedih dina poe lebaran teh nyaeta jalmi anu henteu kenging ridho Allah SWT,sareng jalmi anu doraka ka ibu bapakna, anu diharepkeun ku abdi dina dinten ieu sanes anggoan anu weuteuh,kadaharan anu loba,tapi ridho ti ibu sareng bapak supados abdi kenging ridho ti Allah SWT”.
Hakekatna idul fitri teh nyaeta lain pakean anu anyar,kadaharan anu loba,tapi hakekatna idul fitri teh nyaeta tambahna ta’at sareng kataqwaan ka Allah SWT.
ليس العيد بلباس جديد ولكن العيد لمن طاعته تزيد
Hakekatna idul fitri teh nyaeta lain pakean anu anyar,tapi tambahna ta’at ka Allah SWT.
الله اكبرالله اكبر الله اكبر
Hadirin sidang Idul Fitri anu mulya
Danget ieu rarary -raray marahmah lantaran patepang sareng wargi anu angggang,merbayaksa ngebrak sareng keluarga,panggih deui sareng dulur anu tebih,ngaraketkeun tali silaturahmi,silih lebur dosa anu sangaja atanapi anu teu sangaja dicirian ku cara-cara khas islam nyaeta sasalaman atanapi musofahah, margi dosa jalmi anu sasalaman bakal dihampura kalawan syarat hatena oge milu sasalaman ikhlas ngahampura dosa jeng kasalahan,tapi singsaha jalmi anu sasalaman tapi hatena mah masih aya gantar kakaitan,teu ikhlas ngahampura dosa sareng kasalahan,maka Allah SWT bakal nurunkeun bebendu ka eta jalmi samemeh lesot leungeuna. sakumaha pidauh kangjeng nabi Muhammad SAW :
ما من مسلمين يلتقيان فيتصافحان الا غفر لهما قبل ان يتفرقا
“ Dua jalmi islam anu papanggih terus sasalaman maka di hampura dosana samemeh papisah”
Kacida rugina dina poe lebaran anu agung ieu urang sadayana henteu silih hampura,sabab jalmi anu henteu daek menta atanapi mere hampura maka eta lain cirina jalmi anu taqwa. Lamun urang hayang deukeut jeng Allah SWT maka urang kudu daek nurutan kana sifat Allah, Allah Maha Panghampura maka urang oge kudu daek ngahampura, Allah Maha welas asih maka urang oge kudu welas asih sareng sasama. Mudah-mudahan hasil tina pangabdian sareng latihan anu sasih lamina,ditempa,digodog,digembleng mugia sing jadi pangatur seurina ati anu suci,tur jaladri fikir anu bersih lir ibarat siki benih pitangkaleun anu hade.


الله اكبرالله اكبر الله اكبر
Hadirin sidang idul fitri anu mulya
Laku diukur ku waktu,lampah dikalang ku mangsa,sasih romadon parantos mungkur ngantunkeun urang sadayana kantun kenang-kenangan,disusul ku sumpingna sasih syawal. Mudah-mudahan ibadah urang sadaya di tarima ku Allah SWT Amiiiiin ya Robbal alamin.
Mudah-mudahan urang sadayana sing tiasa wangsul deui kana kasucian, kana fitrah kana asal kajadian urang,sabab manusa dilahirkeun aya dina kaayaan suci.
بارك الله لى ولكم بالايات والذكر الحكيم وتقبل منا ومنكم تلاوته انه هو السميع العليم وقل رب اغفر وارحم وانت خير الراحمين استغفر الله العظيم لى ولكم ولسائر المسلمين

Download Button

6 komentar:

PPMQ.QIRO'ATU SAB'AH mengatakan...

Twrima kasih sangat berguna dan bermanfaat

mohammadarsin mengatakan...

Al-hamdulillah mudah2an menjadi ilmu yang bermanfa'at buat kita semua...amiin

kumpulan sholat mengatakan...

Haturnuhun kang,,khutbahna kaangge pisan

MF STORE mengatakan...

hatur nhun kang kutbahna, Syukron jiddan

MF STORE mengatakan...

nhunkeun deui nya kang kangge idul adha na

asdi asmawijaya mengatakan...

Izin share ajengan