SITUS MOHAMMAD ARSIN

SELAMAT DATANG DI SITUS RESMI " WWW.MOHAMMAD ARSIN.BLOGSPOT.COM" SEMOGA BERMANFA'AT

Rabu, 07 Agustus 2013

KHUTBAH IDUL FITRI ( KHUTBAH KEDUA )

KHUTBAH IDUL FITRI ( KHUTBAH KEDUA )
OLEH : MOHAMMAD ARSIN,S.PdI


الله اكبر الحمد لله الذي امرنا الصيام كما امر على الذين من قبلنا لعلنا من المتقين وسن علينا بقيام لياله لنكون من المفلحين وسن فى يوم العيد صلاته فانها سنة رسولنا ودأب الصالحين اشهد ان لااله الاالله الملك الحق المبين واشهد انّ محمدا رسول الله الصادق الوعد الامين واصلى واسلم على خير خلق الله محمد سيد المرسلين وعلى اله واصحابه اجمعين فياايهاالناس اتقواالله حقّ تقاته وكونوا فى زمرة المؤمنين وجماعة المسلمين وجاهدوا فى سبيله حقّ جهاده تفوزوا مع الفائزين اللهم صل وسلم على هذاالنبي الكريم محمدابن عبدالله ابن هاشم وارض اللهم على اربعة الخلفاء الراشدين سيدنا ابى بكر وعمر وعثمان وعلي وعلى خديجة الكبرى وفاطمة الزهرى رضى الله عنهم اجمعين امين يارب العالمين اللهم اغفرلنا ذنوبنا وذنوب ابائنا وذنوب امهاتنا وذنوب زوجتنا وذنوب اولادنا وذنوب اخواننا وذنوب اخواتنا وذنوب استاذنا وذنوب جميع المسلمين والمسلمات والمؤمنين والمؤمنات الاحياء منهم والاموات اللهم انصر سلطاننا سلطان المسلمين اللهم اهلك الكفرة والمبتدعة والمشركين ودمّر اعدائك اعدائنااعداء الدين ربنا تقبل منا صلاتنا وصيامنا وقيامنا وركوعنا وسجودنا وتمّم تقصيرنا يا اله العالمين ربنا اتنا فى الدنيا حسنة وفى الاخرة حسنة وقنا عذاب النارعبادالله انّ الله يأمركم بالعدل والاحسان وايتاء ذى القربى وينهى عن الفحشاء والمنكر والبغى يعظكم لعلكم تذكرون فاذكرواالله العظيم يذكركم واسألواه من فضله يعطيكم ولذكر الله اكبر استغفرالله العظيم لى ولكم ولسائر المسلمين

Selasa, 06 Agustus 2013

UCAPAN LEBARAN BASA SUNDA

Ti Lahir dugi ka Bathin.. Pamundut nu kapihatur, ligar manah ku kaikhlasan, tiasa ngalubarkeun, tina sanes kanten samudaya kalepatan, inggis catur teu kaukur, lampah lali nincak salah, neda sihapuntenna. Wilujeng boboran shiam 1433 H
===
Wilujeng boboran siam 1433. Minal aidin wal faizin. Mugi barokah Ramadhan nuyun lakuning lampah urang dina enggoning nyorang sawelas sasih anu bakal karandapan.
===
Taya basa nu bisa direka, taya saur nu bisa jadi pangjajap catur, lintang ti kedalna ucapan “wilujeng boboran shiam” neda dihapunten lahir tumekaning batin.

27#Ucapan Idul Fitri 2012 Bahasa Sunda
Bilih kantos kasisit sebit kana ati, kapancah kaléngkah ucap, kajenggut kababuk catur, tawakufna nu kasuhun. Hapunten sadaya kalepatan.wilujeng boboran
===
Ngeunteung na raga katineung, nyaliksik diri ngarampa dada bari reureuh milang dosa, breh bulan pangharepan geus lekasan poe fitri nembongan. Neda sihapunten
===
Najan panangan teu amprok, basa teu nyapa, raray teu tepang. hate sanubari meredih kedah silih bebaskeun, diri silih sucikeunn, mudah2an urang sadayana janten jalmi nu taqwa.amin
===
Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa. Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. taqoballhu minnawmnkum,taqobalahuyakarim
===
Wilujeng Sasih Siam
Kanggo Mamah sareng Kulawargi di Bumi.
Neda sih hapunten samudaya kalepatan
nu dihaja sinareng henteu.
Mugia ibadahna salawasna aya dina kamulyaan.
===
Ngahaturakeun wilujeng boboram siam 1 syawal 1433 H, bilih kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku catur, katajong omong ku pribados, mugi ridho ngahpunten samudaya kalepatan.
===
Bilih aya langkung saur bahe carek
Kaciwit kulit kabawa daging
Tunggul dirurut catang dirumpak
Nyungkelit ati teugeunah manah
Mudut pangampura
Wilujeung boboran siam
===
Wening galih nu dipamrih
Jembar manah nu dipilampah
Wilujeng boboran siam.
kalayan neda pangapunten tina samudayaning kalepatan
===
Sugrining runtah kalepatan dina manah
nyeuri peurihna ati sanubari
mugia lubar ku silaturahmi
Wilujeng boboran siam.
Taqobalallahu minaa waminkum
===
Sanajan raga paanggang, teu bisa amprok dampal panangan
Ngan saukur bisa ngirim surat, chating jeung SMSsan
Kalayan dibarengan ku kaihlasan, neda dihapunten samudaya kalepatan
“Taqobalallohu mina wa minkum syiamana wa syiamakum”
Wilujeng Boboran Syiam.
===
Kedaling rasa nu pinuh ke bangbaluh hate,
urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh,
meungpeung wanci can mustari.
Neda dihapunten kana samudaya kalepatan,
bilih kantos nyungkelit dina ati, kasiku catur,
katajong omong dina cariosan anu matak ngarahetkeun
kana manah, kumargi urang mah teu tiasa lumpat tina kalepatan sareng kakhilafan. Sim kuring ngahaturkeun Taqabalallahu
Minna Wa Minkum, Wilujeung Boboran Siam.
===

3#Ucapan Idul Fitri 2012 Bahasa Sunda
Laligarna tarate dina talaga hate. nyambuangna seungit malati nu ligar dina taman ati janten ciciren lubarna kalepatan antawis urang. Wilujeng boboran shiam 1433 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.
===
Sadaya jalmi tiasa ngiring lebaran....... tapi teu sadaya jalmi tiasa ngiring Idul Fitri.... mugi urang kalebet jalmi nu tiasa ngiring Idul Fitri..... wilujeng boboran shiam 1433 H. Hapunten samudaya kalepatan.
===
Ngahaturakeun wilujeng boboram shiam 1 syawal 1433 H, bilih kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku catur, katajong omong ku pribados, mugi ridho ngahpunten samudaya kalepatan.
===
Batin nu usik nyaliksik diri, bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara basa, kadudut kalindu qalbu,mugia rido galih jembar pangampura tina samudayaning kalepatan. wilujeng boboran shiam 1433 H. Hapunten samudaya kalepatan.
===
Bilih aya langkung saur bahe carek, Kaciwit kulit kabawa daging, Tunggul dirurut catang dirumpak, Nyungkelit ati teugeunah manah, Mudut pangampura, Wilujeung boboran shiam 1433 H
===
Wening galih nu dipamrih, Jembar manah nu dipilampah, Wilujeng boboran shiam 1433H,
kalayan neda pangapunten tina samudayaning kalepatan.
===
Sugrining runtah kalepatan dina manah, nyeuri peurihna ati sanubari, mugia lubar ku silaturahmi, Wilujeng boboran shiam 1433 H. Taqobalallahu minaa waminkum.
===
Sanajan raga paanggang, teu bisa amprok dampal panangan,
Ngan saukur bisa ngirim surat, chating jeung SMSsan
Kalayan dibarengan ku kaikhlasan, neda dihapunten samudaya kalepatan
Wilujeng Boboran Syiam 1433 H
===
Kedaling rasa nu pinuh ku bangbaluh hate, urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh,
meungpeung wanci can mustari., Neda dihapunten kana samudaya kalepatan,
bilih kantos nyungkelit dina ati, kasiku catur, katajong omong dina cariosan anu matak ngarahetkeun kana manah, kumargi urang mah teu tiasa lumpat tina kalepatan sareng kakhilafan. Sim kuring ngahaturkeun Taqabalallahu Minna Wa Minkum, Wilujeung Boboran Shiam 1433 H
===
Weninggalih nu dipamrih, jembar panalar nu diteda, kana laku nu teu luyu, kana lampah nu sulaya.. Wilujeng boboran shiam 1433 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum
===
Wening galih nu dipamrih jembar manah nu diseja mugi agung cukup lumur neda kana samudaya kalepatan lahir tumakaning batin, wilujeng boboran siam
===
Mugi cukup lumur jembar pangampura bilih aya bobo sapanon carang sapakan neda dihapunten samudaya kalepatan. wilujeng boboran siam
===
Bersih galih nu diperedih, leah mana nu diseja, dina ieu fitri kiwari, wanci nu mustari susuci diri nyanggakeun hapunten nukasuhun
===
Nyucruk laku sunah Rasul, mapay lacak agama islam, gema takbir nu agung dipungkas kutali
silaturahim neda pangampura kasadayana wilujeng boboran shiam 1433 H

17#Ucapan Idul Fitri 2012 Bahasa Sunda
Jatidiri anu suci rasa jiwa nu tanpa noda, mugia sing ngajadi disarengan ku iman taqwa, nuantukna nunda kanyaah, nyimpen kadeudeuh, silih hampura kapapada jalma, panuhun sihapunten sadaya. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum
===
Kaluluputan kalelepatan simkuring saparakanca, wilujeng boboran siam nyuciken diri ka Illahi, hampura diri ka gusti nu maha suci, mugia dina ieu fitri, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri, wilujeng boboran Boboran Shiam 1433 H.
===
Nitih wanci nu mustari ninggang mangsa nu utama, nyucikeun panyakit ati, balik diri kanu suci hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin. wilujeng boboran siam.
===
Tina weningna ati nu surti, tina mumunggang rasa nu ageung rumasa, bilih aya tutur saur nu teu kaukur, aya lampah nu teu merenah, tur lisan nu ngaraheutkeun manah, neda pangapunten lahir tumekaning batin, mugi luntur qolbu jembar pangampura. Wilujeng boboran siam 1433 H. Taqobalallohu mina waminkum siamana wasiamakum, minal ‘aidin walfaizin.
===
Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa. Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. taqoballhu minnawmnkum,taqobalahuyakarim.
===
Bilih aya luhur saur bahé carék, tutur nu teu kaukur, laku-lampah nu teu merenah dugi ka ngaraheutkeun manah, di bulan nu pinuh barokah ieu hayu urang silih lubarkeun silih hapunten lahir batin, hayu urang mapag 1 Syawal 1433 H ku kabungahan tur kaikhlasan.
===
Harta paling berharga adalah sabar, teman paling setia adalah amal, ibadah paling indah adalah ikhlas, harga diri paling tinggi adalah iman, dan pekerjaan paling berat adalah memaafkan. maaf untuk lisan yang tak terjaga, hati yang yang berprasangka, janji yang terabaikan dan sikap yang pernah menyakitkan. Taqobalallohu minna waminkum syimana wa shiyamakum. Minal aidzin wal faidzin.[ki]