SITUS MOHAMMAD ARSIN

SELAMAT DATANG DI SITUS RESMI " WWW.MOHAMMAD ARSIN.BLOGSPOT.COM" SEMOGA BERMANFA'AT

Senin, 11 Juni 2018

KHUTBAH IDUL FITRI BAHASA SUNDA 2018/1439


 KHUTBAH AWAL
الله اكبر ٩
لاَاله الاالله والله اكبر الله اكبر ولله الحمد الله اكبر كبيرا والحمد لله كثيرا وسبحان الله بكرة واصيلا لاَاله الاالله وحده صدق وعده ونصر عبده واعز جنده وهزم الاحزاب وحده
الحمد لله الذي انعم علينا بنعمة الايمان والاسلام وجعل فى شريعته عيدا بعد الصيام وامر علينا فى ليلته ويومه ان نكثر التكبير والتسبيح والتهليل والتحميد وصلة الارحام اشهد ان لااله الا الله وحده لاشريك له شهادة تنجي قائلها من الشرك والظلام واشهد ان محمدا عبده ورسوله صاحب الشفاعة والمقام والداعى الى خلق عظيم وسبيل السلام اللهم صل وسلم على سيدنا محمد رسولك ونور كونك الكريم وعلى اله وصحبه صلاة وسلاما دائمين متلازمين الى يوم معلوم اما بعد
فيا ايهاالناس اوصيكم واياي بتقوى الله لعلكم ترحمون اعوذ بالله من الشيطان الرجيم قد افلح من تزكى وذكراسم ربه فصلى
Bismilah jadi sekar panggiring catur, ngajadi tuturus laku muru sampurnaning rahayu, banjaran jatining bagja
Al hamdulillah panyinglar riya jeng sum’ah anu pasolengkrah nyaruntah dina galeuh lelembutan, panundung ujub jeng takabur anu pagojod dina qolbu, pangusir anu ngadaki dina ati sanubari, anu tinggal iwal ti setra bersihna ati, geusan nampa joleratna hidayah Al qur’an jeng sunnah.
Ku ucapan dua kalimah syahadatain anu netepkeun pagusten, bari pasang subaya ka gusti nu maha suci, Insya Allah moal rek lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, nepi ka iraha oge keukeuh kukuh anteng manteng moal rek monteng najan loba nu muntangan.
Shalawat sinareng salam  teh hiji doa nu nandakeun kadeudeuh tur ka meuemeut anu maneuh ka gusti jungjungan alam, anu pang nyongcolangna sa alam martapada, anu parantos negakeun kalimah toyyibah ti masyriq dugikeun ka maghrib tug dugi ka urang sadayana mugia kenging syafatul udzma ti anjeuna amiin ya Allah yaa Robbal alamiin.
Ti payun khotib wasiat ka diri pribadi khususna,umumna ka jama’ah kaum muslimin wal muslimat supados taqwa ka Allah SWT, kalayan taqwa anu saleres leresna, mugia asbab taqwa urang sadayana tiasa ngahontal ka bagjaan dunia sinareng akhirat amiin ya robbal alamiin.
ألله أكبَرْ  ٣  وَلِلهِ الْحَمْد
Timimiti surupna panon poe dinten kamari tug dugi ka kiwari ummat islam di sakuliah dunya pinuh ku kabungah anu di barengan ku rasa syukur, anu dibuktikeun ku gumuruhna sora Takbir, tahmid,tasbih sareng tahlil, ciciren rengsena ibadah puasa romadhon sabulan lamina, urang kudu syukuran ka gusti nu maha suci reh na paranros tiasa ngalaksanakaeun ibadah puasa romadhon sareng sholat sunat tarawih dina sabulan lamina kalayan dina kaayaan sehat wal afiat, margi teu saeutik wargi urang nu sanes dina bulan romadhon dina kaayaan udzur di rumah sakit ngarasakeun nyerina panyakit.
Mudah-mudahan puasa urang di tarima ku Allah SWT tur sing tiasa  ngahontal kana darajat jalma anu Taqwa Amiin ya Robbal alamiin. Puasa ramadhan teh mang rupikeun ujian mental tur kaimanan urang keur ngabedakeun mana inten mana berlian, mana emas mana perak, mana asli mana imatasi, mana anu ta’at mana nu maksiat, sehingga hasil tina puasa ieu bisa ngalahirkeun pribadi anu tabah dina nyanghareupan masalah, sabar mun nandangan musibah, tara ngarasula komo mun putus asa, sabab hirup dalam dunya pasti loba cobaan jeung loba kariweuh, da emang kitu sifat na alam dunya mah, sakumaha pidauh uama sufi :

لاَتَسْتَغْرِبْ وُقُوعَ الأَكْدَارِ مَادُمْتَ فِى هَذِهِ الدَّارِ فَإِنَّهَا مَاأَبْرَزَتْ إِلَّا مَاهُوَ مُسْتَحِقٌّ وَصْفُهَا وَوَاجِبٌ نَعْتُهَا.

“ Ulah ngarasa aneh datang jeung lobana kariweuh di Dunya ieu, salagi urang aya didinya, sabab kitu saenyana  ari kahirupan jeung sipat Dunya.”
 Mudah-mudahan urang sadayana sing kalebetkeun jalmi anu sabar nandangan musibah, sabar dina ngalaksanakeun parentah, jeung sabar nalika ngajauhan kana mang rupi – rupi maksiat sok sanaos pait rasana. Sayyidina Ali Karromallahu wajhah kantos di taros ku tujuh pertarosan :
1. Naha aya nu leuwih pait ti batan racun? 2. Naha aya nu leuwih tiis ti batan es ? 3. Naha aya nu leuwih panas ti batan seuneu? 4. Naha aya nu leuwih luas ti batan bumi ? 5. Naha aya nu leuwih beunghar ti batan laut ? 6. Naha aya nu leuwih teuas ti batan batu ? 7. Naha aya nu leuwih beurat ti batan langit ?
Jawaban sayyidana Ali :
1.       Anu leuwih pait tibatan racun nyaeta sabar, sabar nandangan musibah, sabar dina ngalaksanakeun parentah, jeung sabar nalika ngajauhan kana mang rupi – rupi maksiat eta leuwih pait tibatan racun.
2.       Anu leuwih tiis ti batan es nyaeta campur gaul jeng pamarentah anu dzolim anu mikirkeun ka pentingan pribadi dari pada rahayatna,karasana ngenaheun tapi kahir baring bakal nyilakakeun ka diri pribadi.
3.       Anu leuwih panas ti batan seuneu nyaeta pamarentah anu dzolim anu mikirkeun ka pentingan pribadi dari pada rahayatna
4.       Anu leuwih luas ti batan bumi nyaeta kabeneran, sabab kabeneran bisa nuduhkeun kana kahadean, kahadean bisa nuduhkeun kana surga, surga leuwih luas tibatan langit jeung bumi.
5.       Anu leuwih beunghar ti batan laut nyaeta hatena jalma anu Qona’ah, sabab jalma anu qona’ah bakal tumarima kana kaputusan Allah SWT
6.       Anu leuwih teuas tibatan batu nyaeta hatena jalma anu munafiq, sabab hatena jalma munafiq moal narima kana nasehat ti batur, hatena teuas leuwih teuas tibatan batu, dirina ngarasa pang benerna, pang pinterna, pang hebatna sahingga nganggap rendah kanu sejen.
7.       Anu leuwih beurat ti batan langit nyaeta dosa ka papada manusa.
Kusabab sakitu sumangga dina kesempatan idul fitri ieu  urang nyaliksik diri, nyiaran badan bilih urang kamalinaan, rumaos urang teh lambokot ku dosa, jeblog ku kasalahan, seueur laku nu teu saluyu, lampah nau teu merenah, nukang nonggong jeng papago, nyengsar tina atikan agama, lambokot ku dosa, boh dosa ka gusti Allah atanapi dosa ka papada manusa, hayu urang silih hampura jeng batur sakasur, batur sadapur, batur sa sumur, batur salembur, jeng dulur-dulur sadayana. Kahade payunkeun ka ibu rama anu masih keneh jumeneng dialam dunya, rek indung sa agama, guru ngarana , indung bapa lantaran pernikahan, mitoha ngarana,rek indung bapa nu parantos ngalahirkeun urang ka alam dunya anu tos ngurus tur ngadidik urang sangkan jadi jalmi anu sholeh tur sholehah, bapak anu ngayuga toh pati banting tulang neangan bekel kanggo urang nepi ka poho kacape, hulu dijadikeun suku, suku dijadikeun hulu, mangkat poek balik poek ngabelaan anak keluarga sangkan jadi anak anu sholeh tur sholehah. Ka nyaah indung bapak ka anak moal seperti ka nyaah anak ka indung bapak, indung bisa nguruskeun anakna anu sakitu loba na, tapi can tangtu anak bisa nguruskeun indungna. Nyata teu saeutik dizaman kiwari mun indung bapana beunghar anak kabawa beunghar, tapi can tangtu mun anakna beunghar indung bapana kabawa beunghar.
ألله أكبَرْ  ٣  وَلِلهِ الْحَمْد
Bagja kacida ka jalmi anu indung bapana masih keneh jumeneng dialam dunya, mun lebaran tiasa sasalaman nyuhunkeun dihampunten tina sambudayaning kalepatan, tiasa silaturrahmi kumpul hempak merbayaksa ngebrak sakaluarga kebek ku kabungah jeng kabagjaan. Tapi pikeun jalmi nu tos dikantun ku indung bapana, nu tos aya dialam barzah mun bati kabita bari hate ngagerentes, mun indung bapa aya keneh jumeneng dialam dunya rek sasalaman bari dirangkulan jeng diciuman bari nyuksruk rek bebeakan menta hampura ka aranjeuna.
ألله أكبَرْ  ٣  وَلِلهِ الْحَمْد
Lamun heg urang tiasa ngawangkong  ka Indung anu tos dipundut ku gusti nu maha suci,nu aya di alam barzah, tangtos anjeuna bakal masihan nasehat ka urang sapertoskeun kieu :
Anakiiing, anak Ema....kiwari Ema geus nepi ka lembur anu sabenerna,lembur nu beda jeung lembur urang baheula.....Anakiiing, anak incu Ema.....mun isuk-pageto hidep sono hayang papanggih jeung Emma, tuluy hidep baralik ka lembur jiga baheula,omat tong angkaribung barang bawa, sabab Ema geus lain Ema nu baheula.... !do'akeun wae Ema ku aranjeun... ayeuna Ema ngan butuh do'a ti aranjeun.....
Anakiiing, kamelang Ema...!mun hidep nyaah ka Ema...., teu kudu bingung mulang tarima..., tapi cukup bejaan Ema:  yen hidep geus jadi jalma sholeh....,geus jadi hamba Alloh ahli ibadah.....bari salawasna terus ngadu’a sangkan aya dina ridlo ManteunNA.....Anakiiing...,mun hidep nyaah ka Ema...,cukup bejaan Ema...:yen hidep nyaah ka Ema..., hidep teh akur jeung dulur..., runtut-raut sauyunan..... silih hargaan..... silih elingan.... silih tulung silih bantu.....gogonjakan jiga baheula.....!Anakiiing...,pang bejakeun ka anak incu Ema...,yen Ema nyaah ka hidep....!nyaah ku lucuna....,nyaah ku belana....,nyaah ku sumanget na....!Bejakeun ka kulawarga hidep..... Ema geus nepi ka nu dituju....,Ema rek satia nungguan di dieu...,di hareupeun panto surga....!
Anakiiing, anak-incu Ema.....Ema hayang mere beja, nyambung beja anu baheula nu manfaat di dieu, di alam baka; geuning lain harta, lain tahta, lain pangkat, lain jabatan,tapi wungkul amal soleh waktu di dunya, nu dibungkus iman jeung taqwa....!Ayeuna ku Ema geus karasa..., geus karasa...!karasa endahna solat jeung puasa, karasa endahna zakat,karasa endahna mikanyaah fakir-miskin, karasa endahna akur jeung dulur, bari heman ka tatangga..!Anakiiing, anak-incu Ema...., Ema nitip  poma ulah takabur, tapi kudu loba syukur...ulah sasar tapi kudu loba istigfar...,ulah salah tapi kudu loba ibadah....,
Anakiiing...., hampura Ema..., Ema sono ka aranjeun kabeh...meungpeung aya keneh di alam dunya
poma ulah tinggaleun sholat..., ngaji qur'an..., ulah poho ka fakir miskin..., Nulung kanu butuh..., Nalang kanu susah.... Ulah poho, du'akeun Ema tiap ba'da sholat...
ألله أكبَرْ  ٣  وَلِلهِ الْحَمْد
Aya tilu ancaman anu di uningakeun ku kangjeng nabi, anu gede patula patalina sinareng hablumminannas hubungan antara papada manusa anu mantak ngahalangan asup kana surga na Allah SWT, nyaeta :
1.       Jalma anu doraka ka ibu ramana
لا يدخل الجنة عاق
“ Moal asup surga jalma anu doraka ka indung bapana ( HR. Bukhori Muslim ). “
Ku kituna mangga kanu gaduh indung bapak anu masih keneh jumeneng di alam dunya hayu urang soson soson ngabakti ka aranjeuna, urang silaturrahmi tur menta hampura di poe idul fitri ieu. Lamun indung bapak na tos teu aya tos mulih ka alam barzah, hayu urang ziarah ka makamna, urang doakeun mugia sing di hampura sadaya dosa dosana, ditarima amal ibadah na, sareng urang sing seueur shodah kanggo aranjeuna, tur nepangan sadaya karabatna anu masih keneh jumeneng dialam dunya, eta cara urang ngabakti ka indng bapak anu parantos ngantunkeun urang dialam dunya.
من مشى لزيارة والديه كتب الله له لكل خطوة مائة حسنة ومحا عنه مائة سيئة ورفع له مائة درجة
“ Sing saha jalma anu leumpang rek ziarah ka indung bapak na maka Allah bakal nuliskeun ka eta jalma setiap langkahna saratus ka hadean, di hapus saratus ka gorengan jeng diangkat darjatna saratus kamulyaan”.
2.       Jalma anu ngantep karep keluarga na migawe dosa, anu disebut Dayyus
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آَمَنُوا قُوا أَنْفُسَكُمْ وَأَهْلِيكُمْ نَاراً
“ Hai jalma anu iman jaga diri aranjeun sareng kulawarga aranjeun tina siksa seuneu naraka " (Qs. At-Tahrim 6)
3.       Jalma anu megatkeun tali silaturrahmi
لا يدخل الجنة قاطع
“ Moal asup surga jalma anu megatkeun tali silaturrahmi ( HR. Bukhori Muslim )”.
Pikeun nyampurnakeun kasucian awak urang tina rereged kasalahan jeng papada urang, hayu urang silaturahmi bari silih lebur tur lubarkeun dosa jeng papada urang, mungpung urang masih keneh dipasihan umur, sabab teu aya nu ngajamin urang dibere umur panjang, teu apal rek iraha urang di pundut kunu rahayu, mulang ka rohmatullah. Sumangga dina poe lebaran ieu ulah aya katangkal dulur jeng dulur teu akur, tatangga jeng tatangga teu patanya,hayu urang silih hampura ku cara cara anu khas islam nyaeta musofahah atanapi sasalaman sakumaha pidauh nabi :
ما من مسلمين يلتقيان فيتصافحان الا غفر لهما قبل ان يتفرقا
“ Dua jalma islam anu papanggih terus sasalaman, maka dihampura dosana samemeh papisah “
Dosa dua jalma bakal dihampura kalawan syarat hatena oge milu sasalaman ikhlas ngalubarkeun kasalahan, tapi singsaha jalma anu sasalaman leungeuna wungul tapi hatena mah masih aya gantar kakaitan hatena teu ikhlas, maka Allah bakal nurunkeun bebendu ka eta jalma samemeh lesot leungeuna.
ألله أكبَرْ  ٣  وَلِلهِ الْحَمْد
Mudah-mudahan amal ibadah urang tiasa langgeng dugi ka Ramadhan taun payun,mudah-mudahan nafas-nafas dzikir tiasa nyungsi tina ati dugi ka Ramadhan taun payun, mudah-mudahan seungitna Ramadhan tiasa nyambuang dina kahirupan dugi ka Ramadhon taun payun.Mudah-mudahan amal ibadah urang di tarima ku Allah SWT, dijadikeun kahadean nu bakal maturan urang dialam kubur, mugia ka salahakan urang dihampura, tur amal anu di pigawe salami bulan romadhon, boh puasana anu teu jucung, tarawih na anu kalewat, tadarus na nu teu khatam, mugia sing di sampurnakeun.
Laku di ukur ku waktu, lampah dikalang ku mangsa sasih romadhon tos mungkur ngantun urang sadayana, mudah-mudahan urang masih keneh dipapaprin kasempatan tiasa tepang deui sareng romadhon taun payun kalayan dina kaayaan sehat wal afiat..Amiin ya Robbal alamiin.
بارك الله لى ولكم بالايات والذكر الحكيم وتقبل منا ومنكم تلاوته انه هو السميع العليم وقل رب اغفر وارحم وانت خير الراحمين استغفر الله العظيم لى ولكم ولسائر المسلمين



KHUTBAH KEDUA
الله اكبر
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ اِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا

أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهّ أَمَرَكُمْ بِاَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآ ئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍوَعُمَروَعُثْمَان وَعَلِى وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَىيَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ

اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآءُ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيَّةَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَالدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمَ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَاوَاِنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ. عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُنَا بِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوااللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ