SITUS MOHAMMAD ARSIN

SELAMAT DATANG DI SITUS RESMI " WWW.MOHAMMAD ARSIN.BLOGSPOT.COM" SEMOGA BERMANFA'AT

Sabtu, 20 Juli 2013

khutbah idul fitri sunda

Surupna panon poe dina wanci magrib kamari, jadi ciciren rengsena ibadah saum urang salila sabulan campleng, kuru cileuh kentel peujit dina waktu sabulan, lantaran ngalaksanakeun saum jeung taraweh sarta ibadah–ibadah Ramadan sigana ku urang sadaya geus dilaksanakeun. Ayeuna urang sadaya mulang deui kana kaayaan sakumaha biasa deui, sabab poe ieu diharamkeun saum, poe ieu waktuna urang sadaya suka bungah, bungah lain lantaran loba dahareun atawa make pakean sarwa anyar, tapi bungah lantaran urang sadaya parantos lulus tina ujian nu cukup beurat, bungah lantaran geus tamat ngalaksanakeun parentah Allah nyaeta ibadah saum Ramadan. Para ‘aidin… Rengse urang ngalaksanakeun ibadah saum sabulan lilana kalawan pinuh harepan mugia ditampi ku Allah Swt. Sahingga jadi wasilah pikeun ngahontal Ridlo katut magfiroh mantenna aamiin..
Sok sanaos shaum dilaksanakeun ku urang ngan sabulan nu lamina 29 atawa 30 poe, tapi buah sareng mangfa’atna mugi bisa karaos ku urang sataun, malah salila urang masih hirup di alam dunya, margi Allah swt. ngawajibkeun shaum ka jalma – jalma anu ariman sangkan jadi jalma anu takwa .
Tangtuna oge lain ngan ukur sabulaneun, dina bulan Romadlon wungkul. Hikmah atawa buah tina ibadah shaum kudu katara tur karasa salila urang hirip keneh di alam dunya, sarta diteruskeun tepi ka alam akherat, sahingga dimana urang paamprok jeung allah swt.dina kaayaan Allah ridho ka urang tur urang oge ridho ka Allah swt. Para ‘aidin rawuh a’idat rohimakumulloh nyakitu deui, buah tina ibadah shaum lain ukur keur sasoranganeun wungkul, tapi kudu mibanda ajen sosial, nu karasa ni’mat sarta mangfa’atna lain ku urang wungkul tapi oge ku balarea, nu jadi anggota masyarakat . Mun keur saurang pamingpin, mangfa’at sarta hikmah shaum bisa katinggali sarta karasa ku anak buahna, nu mangrupa jeujeuhan nu mawa kana kasalametan sarta kasejahteraan nu walatra. Mun keu anak buah, atawa rahayat, kudu katinngali tina kata’atan sarta kapatuhan anu satia kanu jadi pamingpin.Keur nu beunghar nu dititipan harta nu loba bakal katara tur karasa berehannana kanu butuh. Keur nu loba pangabutuh atawa nu kokoro, bakal katara sikep hormatna tur babantuna nu satia kanu beunghar. Keur saurang pedagang bkal leuwih ati-ati dina urusan jual meuli. Moal wani deui ngajual ku timbangan anu hampang, meuli ku timbangan anu beurat. Cindekna mah buah tina ibadah shaum, ayana parobahan tina nu goreng kanu alus. Nu disebut bener jeung alusna ibadah, lain ukur ditinggali tina cara jeung tempat sarta waktuna wungkul, tapi bener jeung alusna ibadah bisa ditingali buahna dina kahirupan sapopoe. Sok sanajan carana merenah numutkeun sunnah, ari hikmah atawa buahna teu karasa ngeunah mangka eta ibadah the can tangtu bisa ditarima ku allah swt. Sakumaha diterangkeun dina hiji riwayat yen aya saurang ibu anu getol solatna, geus puguh anu fardu, dalah anu hukumna sunnah oge estu teu aya nu kaliwat. Para sahabat meunteun ka eta awewe teh tangtu bakal jadi ahli sawarga. Sabab ditingali tina getolna shaolat. Tapi, numutkeun rosululloh saw. Eta awewe teh lain pisurgaeun tapi bakal jadi ahli naraka. Para sahabat kaget, teras naroskeun ka Rosul ngeunaan alesanana, Rosul ngawaler,yen eta awewe teh sanajan getol shalat, tapi loba nganyerikeun atawa ngaganggu ka tatanggana. nuduhkeun yen shalat nu rajin dilakonan ku eta awewe, ngan saukur merhatikeun cara, tempat jeung waktuna wungkul. Teu merhatikeun kana hikmah atawa buah tina eta shalat. Nyaeta akhlak anu hade jeung mulya ka tatangga, minangka batur hirup sapopoe.

Para ‘aidin rawuh ‘aidat rohimakumulloh!
Dina hadist anu diriwayatkeun ku imam Bukhori sareng Muslim anu hartosana :”aya opat rupa, sing saha jalma anu kakeunaan ku opat rupa ieu, mangka manehna jadi jalma munafek tulen. Atawa sing saha anu kakeunaan ku salah sahiji anu opat, mangka manehna aya dina cabang kamunafekan, sahingga manehna bisa ninggalkeunana, nyaeta dimana ngomomg sok bohong, dimana diamanatan sok khianat, dimana jangji sok jalir, dimana pasea sok licik,kajeun teuing manehna sok shaum,shalat tur ngaku dirina muslim”. Dina hadist anu bieu tiasa ku urang kauninga, yen alusna ibadah, boh shaum, shalat jeung sajabana, nyaeta tiasa ditingali tina buahna, nu bisa katara jeung karasa dimana geus campur hirup babarengan jeung papada urang. Sok sanajan alus cara shalatna jeung shaumna numutkeun cara nabi Muhammad saw. Merenah tempatna tur sehat tempatna, tapi mun buahna teu katingali tur karasa ku balarea, mangka eta ibadah teh teu bisa kaasup hade. Hiji jalma sok sanajan getol shalat getol shaum sarta ngaku dirina jalma muslim, tapi mun masih keneh daek nipu, ngabobodo, khianat mun diamanatan, jalir mun jangji jeung sok licik mun pacengkadan atawa perlombaan, mangka eta jalma teh lain salaku muslim, tapi munafek, sok sanajan munafek amali.

Allohu Akbar…Allohu akbar…
Khusus pikeun ibadah shaum, Alloh swt.nguningakeun tujuannana, nyaeta sangkan jalma-jalma anu ariman jadi jalma-jalma anu tarakwa,La’allakum tattaquun. Memang dina bulan Romadlon, suasana katakwaan katara jeung karasa ku urang sadayana. Jalma nu keur ngalaksanakeun shaum mampu nahan dirina tina sagala gawe anu diharamkeun ku Alloh swt. sawangsulna maksakeun diri pikeun ngalaksanakeun sagala anu diparentah ku Alloh swt sareng Rosulna. Masjid-masjid ma’mur, pinuh ku jama’ah shalat taraweh, dina waktu sahur jeung subuh raeng ngaraji Al Quran ngaliwatan pengeras suara patarik – tarik, kotak – kotak amal pinuh ku duit tina sodakoh jeung infak, artis –artis nurut ancrub milu mere ceramah agama, malah ngadadak make tiung sagala. 
Dina radio, dina TV padet ku acara ceramah agama, eta kabeh , teu bisa ditolak, mangrupakeun suasana katakwaan. Tapi suasana katakwaan, nu diharepkeun ku Alloh, tangtuna oge lain ukur ngan sabulan Romadoneun, tapi kudu maneuh salilana, salila urang masih hirup keneh di alam dunya.

Para ‘aidin rawuh ‘aidat, rohhimakumulloh!
Diantara ciri jalma nu taqwa, nya eta sagala prilaku, boh ucapan atawa pagawean teu ukur asal-asalan jeung teu mentingkeun kepentingan pribadi jeung golongan wungkul, tapi leuwih diutamakeun kepentingan umat. Jalma nu taqwa, mun ngomong teu “asbun” jeung mun ngalaksanakeun pagawean teu “aspal”. Tapi ucapan jeung pagawean ngan wungkul nu mawa kana kamaslahatan balarea. Sakumaha diuningakeun ku Alloh SWT, dina surat Al-Ahzab :

“hei, jalma-jalma nu ariman, aranjeun kudu taqwa ka Alloh, sarta aranjeun kudu nagaromong kalawan omongan nu merenah.”

Allohu Akbar…Allohu akbar…
“Qaulan sadidan”, minangka ciri diantara ciri-ciri jalma nu taqwa, maksudna, mun rek ngaluarkeun perentah ka bawahan, kaputusan nu bisa dijadikeun hukum, atawa ponis nu dikeunakeun ka terdakwa, teu asal pok jeung asal pek. Tapi, sagala kawijaksanaan nu kaluar ti jalma nu taqwa, estu mawa kana kamaslahatan balarea. Lain keur kauntungan sagolongan wungkul. Sahingga, ku eta kawijaksanaan teh teu aya nu ngarasa dirugikeun.
Tina “Qaulan sadidan”, bakal bisa nglahirkeun kaadilan nu walatra. Malahan Alloh nguningakeun, yen kaadilan teh minangka sikep laku nu bisa mawa tur ngadeukeutkeun kana “kataqwaan”, sakumaha pidawuh Nu Maha Kawasa :


“Aranjeun kudu adil, sabab adil teh ngadeukeutkeun kana taqwa.”

Para ‘aidin rawuh ‘aidat rohimakumulloh!
Kaadilan bisa ngadeukeutkeun kana taqwa, nyakitu deui shaum bisa ngenteurkeun kana taqwa, mangka antara shaum jeung kaadilan, lir gula jeung amisna, teu bisa dipisahkeun. Hartosna ibadah shaum kudu bisa nganteurkeun kana kaadilan nu walatra. Kaadilan mangrupakeun pangabutuh poko dina kahirupan urang kiwari. Teu aya hartina pangwangunan dina widang ekonomi maju, gedong-gedong saligrong, jalan-jalan lalebar tur lalucir, tapi miskin ku kaadilan.
Teu aya hartina gedong-gedong jarangkung, dahareun loba rupana tur ngareunah, sedengkeun ku kaadilan malarat. Ayana “kesenjangan sosial” nu bisa nimbulkeun “kecemburuan” ummat, teu bisa nganteurkeun kana tumuwuhna huru-hara sosial, alatan keur walatrana kaadilan.
Pirang-pirang “penyelewengan” nu bisa ngakibatkeun rugina nagara jeung bangsa, saperti korupsi jeung manipulasi, tangtu bakal bisa dileungitkeun mun geus karasa ayana kaadilan nu walatra. Nyakitu deui, kamungkaran sejena, seperti pembunuhan, pamerkosaan jeung pencurian, nu ngaganggu katenangan masarakat, bakal bisa dileungitkeun mun kaadilan nu walatra geus karasa.
“Saenyana ancurna bangsa-bangsa samemeh aranjeun, nya eta alatan kaadilan geus teu walatra. Dimana aya bangsat ti kalangan ningrat atawa pajabat, ku maranehna teu dihukum. Sabalikna, mun kapanggih eta bangsat teh ti kalangan rahayat, ku maranehna dihukuman sakumaha mistina. Demi Alloh, mun Fatimah anak kaula maling, kaula sorangan nu ngahukumanana oge.”

Allohu Akbar…Allohu akbar…Walillahil Hamd
Para ‘aidin rawuh ‘aidat rohimakumulloh!
Kaadilan nu ditanjeurkeun ku Rosululloh SAW dina urusan hukum kacida pisan tegesna. Estu teu cueut ka nu hideung teu ponteng ka nu koneng. Teu ditingali, pedah eta teh anak jeung pajabat, mun geus bukti ngalakukeun kamungkaran, nu matak ngarugikeun bangsa jeung nagara, mangka ku Rasul dihukuman kalawan samistina. Ku ayana sikep nu adil dina nanjeurkeun hukum, mangka suasana jeung nagara, di jaman Rosul, estu tengtrem tur sejahtera. Teu kantos kakocapkeun aya “unjuk rasa”, nembongkeun ka teu sugemaan. Komo kitu mah “gejolak sosial” nu matak ngarugikeun materi jeung diri, teu kantos kajadian di jaman Rosululloh SAW. Padahal pangwangunan ekonomi di jaman Rosul, masih kawilang can maju.

Allohu Akbar…Allohu akbar…Walillahil Hamd
Para ‘aidin rawuh ‘aidat rohimakumulloh!
Mudah-mudahan ibadah shaum nu ayeuna, bisa nganteurkeun kana tumuwuhna kasadaran dina diri urang, sahingga buahna teu ngan sakadar ganjarna wungkul nu katarima, tapi mibanda kakuatan pikeun ngarobah sikep laku nu teu merenah numutkeun agama, jadi sikep laku nu merenah numutkeun agama, sahingga mawa kana kasalametan dunya sarta akherat.